Nyaliksik
sisi-sisi peuting, ngalelebah boa-boa papagan peteng, sugan jeung
sugan salira barangtunda, sedeng bentang teu cukup nyaangan da bulan
kahalangan mega malang, beh mana atuh ?
Da kiricik cainamah eces kadenge, siga jeung sugan laluncatan miheulaan kahayang, majar aya tiis sumanding marengan hegar,
Lalangse peuting ngandelan, poek mongkleng teu malire kahayang, kahayang nu geus lila disidem, satadina sugan ayeuna rek kajewang kadongkang
Angin peuting tiis nyecep, nganteur maturan bari siga mupuas, kalan-kalan ngaharewosan ngajak balik mulih pakandangan
Ngan hate panceg ngupahan tuur, nuuskeun kesang, apan isukan tereh datang, tuh gera ibun geus mimiti aya najan kapiheulaan sono,
Janari leutik geus kapetik, sumirat hibar beh wetan totonden poe, indung suku beuki segut mawa nungtun mapag beurang, endah geuning batan impian
Reumis maseuhan bitis, pucuk eurih ngageurih ramo ramo suku sesa kamari, teu dipalire... Sawangan jadi kanyataan kahibaran srangenge, geuning anjeun tigin nganti dina mumunggang kanyaah
Bagea beurang, bagea kabagjan, bagea jungjunan akang... Hatur nuhun salira tos tuhu nungguan, tigin nganti najan katiisan peuting bari sideku kabulusan jaba jauh nyorangan
Hayu jungjunan urang mapag ngabageakeun bagja urang parat beurang nepi ka tungtung peuting

Tidak ada komentar:
Posting Komentar