Kamis, 12 November 2015

PUNGPURUTAN

Lebah dieu oge baheula urang paamprok bari tuluy paboro-boro muru kembang pungpurutan, direwod dialungkeun kana buuk, sawareh narapel kana baju

Pating cikikik pacampur maur na han peureus, silih elelan silih baledog ku daun sabeunangna ti sisi jalan

Sok culang cileung mun nincak pengkolan ieu, sieun anjeun ngadodoho miheulaan, taki-taki teu ieuh heureuy saestuna bener-bener najan urang keur heureuy

Tapi naha ari tadi, basa sonten urang kawenehan pendak deui saatos lawas teu silih udag nyepeng regang diulang-ulang, malih hareugeueun

Sanes pengkolan nu robih, malih kembang pungpurutan meujeuhna garing, ngan geuning urang teu gasik muru kembangna
Kalah anteng neuteup soca

Tuur siga alim incah lumpat,
Salira tungkul
Aya sora dareuda nalika salira naros, benten pisan sareng gerewek kapungkur
Teu karaos urang papada ngembeng cisoca, ngarencangan panangan patarema sasalaman, nganteur kecap 'kumaha damang ?', ragem sareng

Pungpurutan teu sieuneun ningal urang patepang, bari aya paraosan nu ngan ukur dugi kana 'geuning'
Geuning pengkolan jeung pungpurutan teh, kungsi jadi tempat nu nyidem rasa urang

Salira istri nu nganti, sedeng kuring teu manjing surti
Ayeuna bukti..
Peureus..., pageuh dina ati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar