Rabu, 09 Desember 2015

24 SELINGAN HIDUP

1. Jangan tertarik kepada seseorang karena parasnya,  sebab keelokan paras dapat menyesatkan. Jangan pula  tertarik kepada kekayaannya,  karena kekayaan dapat musnah. Tertariklah kepada  seseorang yang dapat membuatmu tersenyum, karena hanya  senyum yang dapat membuat  hari-hari yang gelap menjadi cerah. Semoga kamu  menemukan orang seperti itu.

 2. Ada saat-saat dalam hidup ketika kamu sangat merindukan seseorang, sehingga ingin hati menjemputnya dari alam mimpi dan memeluknya dalam alam nyata. Semoga kamu memimpikan orang seperti itu.

Minggu, 22 November 2015

KAKAWIHAN BARUDAK



1. Ucang ucang angge
mulung muncang ka parangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu Pa Lebe
ari gog gog cungungung

2. Trang trang kolentrang
si londok paeh nundutan
mesat gobang kabuyutan
tikusruk kana durukan

MIASIH

Dina linduh eta teuteup, katawis aya asih nu mandiri
Dina kareueut imutna, aya tresna nu teu bukti
Sakapeung ieu hate hayang kedal ku suara, hayang wakca ku carita, ngedalkeun eusining hate
Eta imut kanggo saha...?
Eta teuteup kanggo saha...?

Rupina anjeun ngaraos, aya kecap nu saati
Henteu kedal dilisankeun, tapi kedal dirasakeun
Saketi kasedih kingkin, salaksa kabeurat tungara
Wegah mun raga kedah paturay, sanajan urang pada teu wakca

Miasih teu kendat-kendat, mideudeuh teu suda-suda
Muga sanes ngan riwan ngabebenjo harepan, jungjunan...

Kamis, 12 November 2015

MAPAG BAGEA

Nyaliksik sisi-sisi peuting, ngalelebah boa-boa papagan peteng, sugan jeung sugan salira barangtunda, sedeng bentang teu cukup nyaangan da bulan kahalangan mega malang, beh mana atuh ?

Da kiricik cainamah eces kadenge, siga jeung sugan laluncatan miheulaan kahayang, majar aya tiis sumanding marengan hegar,

Lalangse peuting ngandelan, poek mongkleng teu malire kahayang, kahayang nu geus lila disidem, satadina sugan ayeuna rek kajewang kadongkang

PUNGPURUTAN

Lebah dieu oge baheula urang paamprok bari tuluy paboro-boro muru kembang pungpurutan, direwod dialungkeun kana buuk, sawareh narapel kana baju

Pating cikikik pacampur maur na han peureus, silih elelan silih baledog ku daun sabeunangna ti sisi jalan

Sok culang cileung mun nincak pengkolan ieu, sieun anjeun ngadodoho miheulaan, taki-taki teu ieuh heureuy saestuna bener-bener najan urang keur heureuy

Tapi naha ari tadi, basa sonten urang kawenehan pendak deui saatos lawas teu silih udag nyepeng regang diulang-ulang, malih hareugeueun

Sanes pengkolan nu robih, malih kembang pungpurutan meujeuhna garing, ngan geuning urang teu gasik muru kembangna
Kalah anteng neuteup soca

Tuur siga alim incah lumpat,
Salira tungkul
Aya sora dareuda nalika salira naros, benten pisan sareng gerewek kapungkur
Teu karaos urang papada ngembeng cisoca, ngarencangan panangan patarema sasalaman, nganteur kecap 'kumaha damang ?', ragem sareng

Pungpurutan teu sieuneun ningal urang patepang, bari aya paraosan nu ngan ukur dugi kana 'geuning'
Geuning pengkolan jeung pungpurutan teh, kungsi jadi tempat nu nyidem rasa urang

Salira istri nu nganti, sedeng kuring teu manjing surti
Ayeuna bukti..
Peureus..., pageuh dina ati

PEREMPUANKU

Ketika waktu berputar tanpa janji untuk kembali
Kau menjawab segala pertanyaan yang sempat hilang
Aku bangga padamu wahai sang perempuan
Kini tersisa pertanyaan 'untuk apa aku terus bertanya ?'

DI SAGÈDÈNGEUN ANJEUN

Wengi ieu kuring jeung manéhna sarua papada ngeheneng
Haté galecok saru jeung geter hayang nangkeup kageugeut
Diémprakan rasa karémpan, rémpan jadi mamala

Bancét simpé sorana teu kadéngé kalindih ku sora béntang rek murag
Ka oyag kalakay muguran, ngeundeurkeun jagat parat ka mega nineung
Hate rut rét, sedeng panon anger peureum nalikung siku teu werat mageuhan rangkulan

LALANGSE

Poék dijéwang jeung lambaran peutingna
Dikompét dina kélék..
Béntang-béntang pating kocéak, ngilu kajéwang
Sawaréh murag ningang mumuncangan..

Beurang geus datang..
Naon nu kudu dijéwang ?
Ah.., tingal miang

ENDAH MICINTA

Jalan pinuh mobil jeung motor silih sedek, sora klakson raeng ..., mobil beureum ati diantara mobil nu keur ngahunted.., nu nyupirna lalaki, tenang bari teu ieuh siga supir sejen katingali stress...


Di jero mobil beureum.., di jok kenca.., aya macbook silver.., hape blackberry jeung amplop bodas..., di dashboard aya poto awewe geulis keur ngalahun budak awewe.., handapeuna aya holder hape warna bodas... jeung hapena, lagu opick “taubat” ngagalindeng hawar-hawar


Kriiing....kriiiing... hape bodas disada, nu nyupir nempo, tulisan “my love” mucunghul, bari imut manehna mencet tombol dina stir.., sora lagu opick kalindih...

MULUNG LIMUS

Girimis kapeutingnakeun dianteur angin nyeor nebak daun, mawa hawa tiris nyelesep ka tulang sandi. Pangeusi lembur dibabade pakandel kandel simut pating purungkut, tapi henteu ka hiji indung nu keur mepende budakna, teu daek sare si asep teh bakat hayang limus, kabita cenah basa beurang di sakola babaturanna marekel limus.

"Geura bobo bageur..., asep enjing mekel limus sepertos nu sanes, sok geura bobo...,"
"Limus tipung nya mih..."

"Muhun,,,, amis geura, raos...!"
"Timana mih ?"

UKURAN BEURAT ATAWA LOBANA PARE

Saranggeuy : Sagagang
Sapocong : Saeundan ; Satengah Geugeus
Sageugeus : 2 Pocong dibeungkeut dihijikeun ; Sakeupeul Pare Ranggeuyan
Sagedeng : Sageugeus
Sabawon : 4 Pocong ; 2 Geugeus
Sasangga : 5 Geugeus
Salajer : 4 Sangga ; 20 Geugeus 
Satanggung : 10 Sangga ; 50 Geugeus
Samadea : 2 tanggung ; 100 Geugeus ; 6 Kati
Sacaeng : 2 Madea ; 200 Geugeus

Saundem : Sataker Beas nu ditaker ku batok,
Sakati : Kira-kira 817,5 Gr
Sagantang ; 10 Undem ; 5 Kati
Saleter : 1 dm kubik
Saemud : Kira-kira setengah leter leuwih
Sakulak : Kira-kira 2,5 Kg keur ukuran Beas
Sapikul : 100 Kati (kira-kira 62,5 kg keur ukuran bangsal)
Sadacin ; Sapikul

Selasa, 13 Oktober 2015

MURINGKAK BULU PUNDUK

Muringkak bulu punduk sigana kabeh jelema pernah ngarasakeun. Disebut 'sigana' sabab can kungsi nanya saurang-saurang

Tapi naha naon atuh sababna mun kasieunan atawa katirisan make sok muringkak bulu punduk, naha bulu kelek jeung bulu sejenna oge ngilu ?
Sabenerna ceuk buku The Meureun, nu ditulis Bi Cenah, muringkak bulu punduk teh wujud tanda awal tina ayana ancaman nu can katenjo panon

LALAJO KUDA RENGGONG

Hiji waktu aya hajatan ngariakeun budak mang Idung, incu pa Olot, jelema jegud lega sawah lega tanah malah sapinage teu ka itung puguh dikencarkeun tara dikandangan. Kawantu nu dikariakeun teh incu kahiji ti budakna nu nunggal, atuh tohaga hajat teh, sagala ditanggap, teu tingaleun kuda renggong.


Selasa, 09 Juni 2015

PUISI KANGGO GURU

Ibun jeung tirisna hawa subuh jadi batur matuh
Marengan niat lengkah anjeun sapopoena
Jauh ti ngangluh langka humandeuar
Estu tigin jangji pageuh nyekel paniatan
Niat ngasuh ngawuruk medar ngajar
Duh .... Guru...

SESAK

Hingar bingar melesak beruntun di telinga
Berderap tegap menginjak menyesakan dada
Mata berkunang-kunang
Tenggorokan kering tercekat