Dina zaman Nabi kapungkur, aya salah saurang shahabat Nabi anu jenenganana Al Qamah, anjeunna kalebet hiji shahabat anu kawilang kadeuheus ku Rasulullah, tara kakantun riung mungpulung sareng Rasul, tara kakantun shalat berjamaah di masjid, sumawonna shalat Jum’at jiga urang ayeuna mah, malah anjeunna mah tara kakantun perang dina jihad fii sabiilillah, nya kitu deui anjeunna tara kakantun shaum, teu kakantun munggah haji, oge teu pernah kakantun zakat.
Dina hiji waktos, anjeunna teu damang wales, teras dilalayad ku para shahabat, malah teras ditalqinkeun sagala rupi, ditungtun pikeun ngucapkeun kalimah tauhid “Laa ilaaha illallaah”. Ditalqinkeun dugi ka dua-tilu kalina,
Minggu, 28 Juni 2009
SALAH SAHA SALAH ??????
Sawatara waktu katukang, di hiji lembur aya rampog keur maling ka hiji imah, manehna labuh murag tina palapon imah nepi ka dibawa ka rumah sakit
si rampog nungtut kanu boga imah sabab ceuk manehna alatan nu boga imah teu mariksa palapon, manehna cilaka dina ngalaksanakeun tugas;
"aing teu suka ka sia sabab imah sia bobo jadi aing rek ngadu ka pangadilan, imah sia geus ngajadikeun aing cilaka dina tugas" ceuk rampog bari nulak cangkeng

NGARAN-NGARAN SAMBELEUN NUMUTKEUN ABJAD
Geuning loba pisan sabenerna bahan keur nyambel teh.... sugan teh ngan ukur CENGEK, padahal geuning loba, tah hayu urang tata numutkeun abjad. CENGEK enggeus nya......, nubakal ditataan nu pokona maksud teh mun euweuh eta moal disebut sambel
A = Aya Cengek
B = Buah Cengek
C = Ceuk uing Cengek pan enggeus
D = Da Cengek apanan nu pokokmah
A = Aya Cengek
B = Buah Cengek
C = Ceuk uing Cengek pan enggeus
D = Da Cengek apanan nu pokokmah
DA TOS JELAS YEN ETA TEH.......???!!!
tok...tok...tok... sora pamupus nu diktrok-ketrokeun kana meja ku ibu guru rita bari diteruskeun ku cariosan..."tos....tos....atos.... kasep .... geulis.... ulah ribut sareng heureuy wae.... sok enggal caralik...." pokna bari teras bu rita nyimpen buku-buku dina meja.....
barudak lalaki nudiuk ditukang.... masih keneh ribut heureuy keneh silih baledog ku kertas nu dibuleud-buleud..., silih degungkeun.... malah aya sawatara urang nu balangor pisanmah make silih kadek sagala....(bohong ketang)... luluguna anu bangor teh katelah udung... budak badeur saalam dunya, enya dunya kelas eta.....

MUTU ATANAPI PALU TEH ?
‘ke..ke.. naon, kumaha? oooohhh.... apanan teh hilda teh awewe nu perkasa, geulis, loba akalna jeung bedas... tong boro ngan ngabenerkeun kenteng... najan amparan jagat atawa hateup dunya ge sigana mun kongang bisa diomean, tapi nyakitu sarua manehna ge boga rasa boga hate.... sakapeung sok bijil awewena nu hayang dipupusti... diragangan.... biasa laaaaahhhh.... seperti umumnya wanita kitu tah.............. ***enya..enya.. geus bisi asa kapujinya***
JANUARI ATAWA NAON NYA POHO.....
"geus.. atuh milu sakali kali ningali kamajuan jaman, tong sieun da jaman mah nu urang lin ? jadi urang we sing tarapti tur pinter ngigeulanna..."
kitu kalimah panungtung tina saborondoyot rayuan ngayakinkeun kuring manehna basa keukeuh kuring embung ngilu ka karoke..., ari kuring pangna embung malum pan urang lembur, dusun, eraan jaba utamana teu nyaho kumaha tatakrama di eta tempat...., tapi ahirna kuring ngilu kana pangajakna, malahan kungsi sasab heula memeh nepi ka manehna nu nungguan di hiji tempat...
***kacaritakeun... kuring geus panggih jeung geus asup ka eta tempat karaoke...****

CAI HUJAN BISA JADI MINYAK TANAH (ENYA KITU ?????)
Ku alatan samemehna aya panalungtikan...nyieun bengsin tina cuka..., tapi eta panalungtikan teh can anggeus sabab bengsin kalah mawa ngesang kanu makena, tah tidinya panalungtikan diteruskeun susuganan teu kudu jadi bengsin atuh cukup minyak tanah we... kitu dasar pamikiran eta inohong-inohong....
sanggeus dilakonan eta panalungtikan.... terus dibewarakeun sakalian keur nguji hasil na..., tah ieu hasil dina rohang pangujian....
dirohangan nu rek dijieun pakalangan geus mimiti rea nu daratang.... sanggues pangatur catur pamawa acara merelekeun... hasil panalungtikan... terus dibere waktu keur sarerea mere komentarna....

WATIIIIIIIIIRRRRRRR.........
sawatara waktu katukang mangsa rek diterapkeun kompor gas.... kungsi kajadian langka minyak tanah, ampir disakuliah nagara..., ka asup oge kalemburna ceu hilda
ceu hilda...atuh ngarasa lieur neangan minyak nepi ka tiap lembur...., da ari ku suluh manehna geus teu mampu ngala suluh ma'lum geus rada rerempo...
dina ngider neangan minyak kungsi ngulampreng ka lembur kuring....
"timana...ceu ? eta meni luut leet kesang..." ceuk kuring nanya basa panggih manehna keur ngiuhan dapuguh poe panas moreret...,
"puguh keur neangan minyak tanah hese pisan... kasep." ceuk ceu hilda bari menrkeun tiung andukna nu rada ngaleklek... bari terus mageuhan samping jangkungna...

TAH IEU KANIKMATAN NU KUDU DITIRU
"aya naon teh meni sura seuri...bangun bungah pisan.." kuring nanya ka menehna dumeh ningali pasemon anu seger tur muruhmuy lir sumiratna panon poe
"eh keur manggih kanikmatan jang...." ceuk manehna bari jongjon...
"enya naon atuh ih bagi...bagi..., naon rujak..... LISUNG atanapi JUS BATAKO yeuh..." ceuk kuring
"hahahaha!!! sok hoyong apal wae tukang giribig mah!!!"
"teu ah teu hoyong apal da moal aya ujian weureu wew.... aya oge sertifikasi keahlian widang WEUREU spesialis PIKASEBELEUN da... ngan padah mun gumira uing hayang apanan eta... meni gumbira kitu " tembal kuring...

SABULANG BENTOR
rebun-rebun pa erwe geus nyemah tara-tara tisasarina...,
"sep geus aya beja bumi abah kaasupan maling ?" pokna pa erwe nanya, saeungeus si asep ngajawab uluk salamna pa erwe jeung mukakeun panto
"iraha pa erwe ?, teu nanaon abah jeung emihna ?, naon nu dirampogna ?"
"tadi peuting cenah...sep,....abahna apanan jeung emihna mah keur nyaba, yu ah urang nempo bari netelakeun"
"hayu... pa "
"ke sep mamah ge rek ngilu cenah, ajak mang odoy jeung ibi ilaing"
"enya pa..."

KA'HIJI'
"awas..mang, awas ulah di galeng eta, awas... mang awas"
"naon ari maneh jang meni gegerewekan.."
"awas mang... awas...awas...euh tuh amang mah ngahalangan jalan jadi we uing eleh.."
"naha keur naon atuh jang ? lain pan ilaing teh keur ngarit ?"
"enya nuju ngarit... bari babalapan paheula-heula nepi ka tangkal cereme itu"
"har... iraha beubeunanganna atuh ari ngadon balap lumpatmah, jaba dina galengan kumaha mun labuh"
"pan ngarit heula mang... terus ditundaan dua keupeul, ke mun nu meunang balap, meunang dua keupeul"
"oh kitu ?"
"enya jadi we uing eleh ah...amang tuda ngahalangan.. ah"
"bae atuh balikan deui we... jaba amang mah rek ngiuhan heula ah di saung, sugan aya mang akim"
"aya mang tuh tadi siganamah nuju mubuy sampeu"
"enya jang pek..atuh tuluykeun"

NYAAN JAGO PISAN ETA SETAN....
"Di diri manusa (sakabehna) aya nu disebut hate..... tah hate teh sok ngomong merenyaho kana kahadean (wungkul) jang..." ceuk bapa kuring basa peuting tadi
kuring ngobrol ngariung di bale imah... diatarana aya adi uing jeung pamajikanna da kabeneran keur cuti cenah..., uplek pisan ngobrol bari babarakatakan..., maksudteh hayang ngahibur kolot nu ngan ukur tingal sabeulah sasemplek....
pok deui pun bapa : "gera pek euy ku silaing titenan..., ngan padah dina prakna eta hate mere nyaho kana kahadean sok eleh ku sora atawa omongan setan anu jago euy,"
"maksud na pa ?"

BELUM ADA JUDUL
Cinta dengan kelembutannya mampu meluluhkan musuh....
Kasih sayang mampu menyembuhkan penyakit yang mendera...
Ketulusan....mampu mengakhiri permusuhan....
Ketekunan dapat memecahkan kesulitan....
Kesabaran mampu memberaikan batu yang kokoh keras...
Semua itu haruslah bersumber dari hati .....
Bicaralah dengan bahasa hati, maka akan sampai ke hati pula.

BASA HATE AYA RASA KATRESNA (1)
ampun inggis ieu rasa teh ngan ukur lelewa
inggis kecap ieu teh matak jaheut manahna
tapi diri geus lengit lilingeranna
naha...
raga nyata kasiksa, diri lir dipeupeurih, padahal can tangtu....
ah.....boa..boa...
udu kumaha, kudu kasaha gesan muntang...
ulah ragrag....
kasaha nya gesan nanya, 'naha salah aya rasa deui....?'

PROPESOR.... (awas rusiah !)
Lain euy maneh geus nyaho acan ?.... big.., big... maneh geus nyaho acan ?
“arimaneh nanya ka saha ?”
Ka maneh..!!
“kamaneh ka saha euy..!!”
Enya ka maneh, ka tukang giribig....!!
“harrrr...... apan uing mah nu nulis na euy..!”
Heueuh...ngan maneh geus nyahao acan ?, yen kamari para ahli diwidang masing-masing ngumpul ngariung, kabehna propesor wungkul dina kaahlian masing-masing..., maranehna bagempungan ngenaan hasil riset sewang2an... cenahmah memeh di publikasikeun di jurnal ilmiah sadunya.

PYGMALION
Pygmalion hiji pamuda nu parigel dina mahat. Hasil mahat atawa ngukirna luar biasa alus. Tapi lain kaparigelan mahatna nungajadikeun maneh na kakoncara tur diparesep kunulain boh babaturan atawa tatangana
Pygmalion kasohor kulantaran manehna sok hade sangka/mikir positif. Manehna ningali jeung ngamaknaan kanu naon hal nu katingalina tina sisi anu alus wungkul
** lamun jalan ledok/becek, batur rumahuh bari kukulutus. Tapi Pygmalion “untung aya keneh jalan teu saledok jalan ieu.”
** lamun aya nu nawar patungna mani pait, babaturana ngomong “pedit pisan ieu jelema”, Pygmalion “meureun aya keneh kaperluan lain anu leuwih penteing.”

WAJIB DIBACA BISI REK KA JEPANG
abah jalan2 di jepang......lapar.....
“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

TUKANG KAI MEUNANG DESI RATNA SARI
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab : "Sanes!"

TEST ALZAIMER
Sasieureun... sabeunyeuren manawi katampi,...
Kengeng ngundeur ti tatangi...
Mangga dicobi kanggo test ALZHEIMER (saurna)
________________________________________________________
1. Pilari Aksara "C" di handap. Teu kenging nganggo kursor atanapi ‘mouse’ nyakitu oge dina nomer2 salajengna

NGUKUR DEPRESI
Dumasar kana aspek kapribadian tiap jelema umumna bisa ngalaman depresi. Teu aya kapribadian anu spesifik salaku “predisposisi” keur “depresi”. Nu ngabogaan kapribadian “obsesif kompulsif”, “histrionik” jeung “border line” leuwih gede resikona keur ngalaman “depresi” dibandingkeun jeung nu kapribadianna antisosial atawa “paranoid”
Depresi nyaeta gangguan alam perasaan ditandaan ku alum jeung sedih nu tohaga tur waktuna panjang, ahirna bisa ngajadikeun leungit gairah hirup. Kadang istilah ieu dipake (oge) keur kaayaan sedih (‘sadness’), alum (‘murung’/’blue’) jeung nalangsa, nu padahal sabenerna beda.
Aya cara keur ngukur kamungkinan “depresi”. naha urang depresi ? . keur nyoba hal eta coba eusian tes di handap ieu;

WATEK JELEMA DUMASAR KANA CARA NYEKEL BANTAL WAKTU SARE
Watek jelema bisa dicirikeun tina cara manehna nyekel bantal waktu sare
1) Nangkeup Bantal
Jelema nu sok nangkeup bantal waktu sare biasana ngabogaan jiwa seni jeung bisa ngapresiasi lukisan, musik jeung sastra.
Sipatna leuleus jeung romantis. Kadang kala aya nu bisa maca kana kajadian nu bakal datang ngaliwatan ngimpi.
Maranehna oge paduli kana kasusilaan
2) Loba make Bantal
Sipat jalma nu sarena kieu umumna ngabogaan rasa percaya diri anu kurang
Dina kahirupan sapopoe maranehna merlukeun loba batur/balad jeung oge jarang nyieun kaputusan sorangan, manehna gumantung kana pola pikir batur

ULAH RAMIPING.....
“saha ngaran...?” ceuk pulisi
“oooo....oooo...ddddaaang, pa...”
“umur....?”
“saur pun bapa sareng jeung pelak kalapa di legok loa... anu di tetelar juru palih kulon... pak, da saur pun bapa oge basa abdi lahir anjeuna teras melak kalapa eta”
“UUUMMMMUUURRR sabaraha odang ?”
“mu..mu..mu..hun sakitu saumur sareng tangkal kalapa...”

ISUKAN REK MILIH ASSSSIIIIIKKKKK EUEUEUEUYYYY......
Sore ieu bagja pisan sabab isuk rek milih.... "naha ?" muereun cenah aya nu nanya,
sabab waktu saptu kamari kuring.... dilembur isuk2 keur nyuruput cai kopi bari dipepende lagu... kabogoh jauh ti juragan darso, nyarande kana ulen...ampir nyuksruk, diseundak ku jisamsu.... asa nikmat pisan...
"asalamualaikum...."
"waalaikum salam" ceuk kuring bari cengkat tina jojodog....., aya nonoman duaan...
"geuning bapa aya didieu.....?"
"bapa siah....sakieu ngora keneh... buuk ge tuh parondok keneh..."
"aya naon jang " ceuk kuring...
"ieu pak dinten ieu aya gerakan gotongroyong ngadamel TPS kango pemilu.....abdi bade nyuhunkeun sumbangan kanggo roko sareng kopi.."

NGOKOLAKEUN KAAMBEK
Sarerea geus ma’fum yen ambek kanu lian nu cocok, dina wanci nu bener jeung takeran nu merenah lain hiji hal nu gampang ngalakonanna. Pon kitu deui dina ngatur jeung ngurus eta kaambek. Kadang-kadang mah eta kambek atawa kajengkel ka batur ngahaja dikemu atawa teu dikedalkeun nudipiharep teu ngaruksak babarayaan. Tapi lamun eta ka ambek atawa kajengkel seterusna dikemu teu dikedalkeun, bisa tibalik mergasa diri sorangan. Kaambek nu sok aya dina kahirupan urang kudu bisa dikokolakeun sahade-hadena, malah mandar teu jadi matak kana diri
Aya saeutik ‘cara’ keur ngokolakeun kaambek

Sabtu, 27 Juni 2009
GAJI ANGGOTA DEWAN (KATANYA...????!!!!)

Penerimaan anggota DPR terbagi menjadi tiga kategori, yaitu
・ rutin perbulan, rutin non perbulan dan sesekali. Rutin perbulan meliputi :
Gaji pokok : Rp 15.510.000
Tunjangan listrik : Rp 5. 496.000
Tunjangan Aspirasi : Rp 7.200.000
Tunjangan kehormatan : Rp 3.150.000
Tunjangan Komunikasi : Rp 12.000.000
Tunjangan Pengawasan : Rp 2.100.000
Total : Rp 46.100.000/bulan
Total Pertahun : Rp 554.000.000
******SINDUK BUTUT*******
Mang Sukur...katelah jeung kasohor tukang jualan suluh....
Hiji mangsa mang Sukur balik ngala suluh jeung rek terus diiderkeun di kota...., keur jongjon nanggung... ngadadak sukuna titajong... nepi manehna ampir labuh....
barang disidik2 nukatajong kumanehna teh 'sinduk butut'.... bari rada humarurung eta sinduk ku mang Sukur dibawa ka kota...
Nepi ka langanan suluh.....'Cep sakantenan atuh ieu artosan sinduk....emang nembe mendak di jalan..' ceuk mang Sukur ka juragan suluh nubiasa narima suluh manehna....'wah mang keur naon nu kitu euweuh hargaan, tapi coba mang bawa ka kolektor..katinggalina geus umuran tah sinduk..' tembal bandar suluh

BASA NGINUM KOPI, AYA KATINEUNG.........(3)
Hus...ck..ck..ck...hus....ceuk kuring nitah si jalu maju narik deui sado nuditumpakan ku tiluan....
Kuda oge...ngadigleu bangun ngarasakeun pagaliwotana hate nu tarumpak sado......
Kumaha carita....ceu idah ?????? keun urang tendeun dina handeuleum sieum gesan sampeureun......
Kacatur kang didi nu tas turun tina sado.....
Mmmhhh.....idah...naha maneh teh teu balaka tianggalna.....naha atuh kuring teu apal kana tanda.... naha atuh......gerentes kang didi bari terus neuteup sado nepi ka mengkol ka katuhu di parapatan....

KOPI PASTEU.......KAASUP NUMANA URANG......
Survei kepuasan Berikut hasil survei terbaru yang menganalisa tingkatkepuasan Pria saat tidur bersama Wanita menurut majalah FaHaM! Edisi Agustus2010survei I :
1. Tidur dengan Wanita Cantik : Bangga ½ mati.
2. Tidur dengan PSK: Mahal ½ mati.
3. Tidur dengan Wanita Jelek : Stress ½ mati.
4. Tidur dengan Wanita Hyper : Capek ½ mati.
5. Tidur dengan Pacar : Nafsu ½ mati.
6. Tidur dengan Istri : mending pura-pura mati.
7. Tidur dengan isteri Orang : nafsu nggak mati-mati (yakin deh...).
8. Tidur dengan isteri Tentara.: sudah pasti mati.

BASA NGINUM KOPI, AYA KATINEUNG.........(2)
Sok jang eta gera ieuh di baturan ku beuleum sampeu tah menang ti kebon, tadi eceu ngarabut satangkal...., sok nyai kadinya diasaan bari ngareret ka pimajikaneun si uing.....sok kang saaya2 lumayan we tamba peurih patuangan, bari imut ngagelenyu neuteup kang didi nu tuluy tungkul.....ceuk ceu idah bari mairan beuleum sampeu tilu gelempeng.....
Nuhun ceu....puguh bieu teh si uingmah karek murak bekel di saung talahab, bancakan jeung si nyai....satadina suganteh eceu didinya da biasanamah eceu sok murak timbel didinya oge lain ?.....ceuk kuring bari ngaregot kopi... puguh kitu teteh....abdi oge nyangki teteh aya di saung..... ceuk sinyai mairan

TONGMAKSAKEUN MANEH !!!!!!!!!!
TONGMAKSAKEUN MANEH !!!!!!!!!!
harita kuring keur leren ngiderkeun giribig....jadi aya di lembur....
hiji peuting aya ondangan ti kuwu anyar, cenahmah rek sukuran dumeh kapilih jadi kuwu
jam dalapan peuting acarana teh....kuring jeung tatangga ngaluuhan kana eta uleman....
saba'da sasalaman jeung ngawilujengkeun......kuring ngilu antri parasmanana....
memeh nepi kana meja parasmanan kuring ngaliwatan anu keur dahar.....
lain urang tara dahar daging ? ceuk kuring ka budak nu deukeut kuring dumeh manehna dahar katenjo ngan jeung cai angeun nguyumbang.....budak teh ngan ukur manggut.....
antrian maju deui....kuring ngareret deui kanu lainna sarua angeun wungkul...padah nu ieu mah aya kurupukan.... tara dahar daging euy ? ceuk kuring nanya deui...... budak ngan ukur manggut....

BASA NGOPI AYA KATINEUNG
BASA NGOPI AYA KATINEUNG
Jang.... kadieu gera yeuh aya kopi anyar !, ceuk sora halimpu tapi bedas, barang direret gening ceu idah nu salila ieu kasohor tukang enteh. Heug.... ceu ceuk kuring, dapuguh resep pisan apan kana nginum kopi teh.
Kuring mengkol....nyampeurkeun ka imah nu ngageroan, hayu nyi gera si euceu mah bisaan nyieun kopina, ceuk kuring ka pipamajikanneun
Gek kuring diuk di golodok ceu idah....
Kuring : Lain eceumah rajin make boga kopi asli sagala ? naha timana ceu ? ditutu sorangan ? dibebek ku sorangan oge ? geuning bisa nutu kitu eceu ?
Ceu Idah : Ari nanya teh sing bener ulah pedah haratis meni ngaburulu kitu maneh teh jang !
Kuring : Hehehehe...atu da kuring mah reueus ceu, eta leungeun nu sampulur kitu make pirajeunaneun daek nutu sagala......

GORENG MILIK
GORENG MILIK
Manehna teh salahsaurang wanoja anu nya ngora nya hade rupa, tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat goréng milikna bae, bet dikadarkeun jadi pamajikan batur......
Goreng pan milikna ??????!!!! hehehehehe
ASMARANDANA
ASMARANDANA
Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta
Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta
NGAMIMITIAN...
tah ah....kanu sok sms atawa ngirim email ka uing.... ceuk kuring dina jero hate basa papuket nyieun ieu blog....atuna arikitunamah kuring teh urang lembur bau lisung... dipenta (sok ditatanyakeun wae) alamat blog, apanan wawuh jeung komputer oge karek kamari isuk....
da emang ari kitunamah rada risi miminengna... sok loba nu menta alamat blog, keur naoan atuh euy... naha perlu kitu... ari blog teh naoan atuh pan uing mah nyahonage ngan ukur nyadap ceuk kuring hiji waktumah ka budak ngora nu keukeuh mementa, anapok teh matak reuwas... kang uing pan sok nelepon sms atawa ngirim surat ka email.... tah bisi akang ripuh, sok sagala ideu atawa pandangan teh di tulis dina blog.... ceuk manehna meni pertentang....
kuring kungsi ngangles....obrolan atawa surat nu mana euy..... alah batan bisa ngayakinkeun malah leuwih panjang omongan manehna.... da rarasaan mah ngobrol kitu kitu keneh, ah eleh deet... pas uing ulin di palembang tah ayeuna nyempetkeun nyieu wewelek blog teh....
nyanggakeun ah sae mah henteu dalah teu butut butut acan.... tapi nuhun ka si ujang nu mamaksa....
ke eusinamah urang mikir heula jang euy... rek dieusian naon da meureun ari eusi jublegmah moal bisa....
salam
Tukang Giribig
Langganan:
Postingan (Atom)